Rabu, 12 Agustus 2009

CERITA DIBALIK KKN

KESENDIRIAN (1)

DIKESENDIRIANKU

SUNYI SEPI…………

TIADA LAGI BELAIAN KASIH SAYANGMU

HILANG LENYAP DI TELAN WAKTU

RASA RINDU MERASUK KALBU

DIKESENDIRIANKU KUINGAT DIRIMU

SENYUMU……………

CANDAMU…………..

TAWAMU…………….

TINGKAHMU…………

HANYA SEKEJAP KUBERSAMAMU

RINDU PADAMU TAKAN PUDAR

TINGGAL KENANGA INDAH BERSAMAMU

TERSIMPAN DALAM LUBUK HATIKU YANG PALING DALAM

KESEPIAN WAKTU (2)

Terdiam kusesaat

Memikirkan semuanya

Bumi tak kan berubah

Akupun tak ingin berubah

Aku adalah aku

Lelaki yang hening sendiri

Terlempar dikedalaman

Tanpa keinginan

Isuk

keneh

Halimun nu moekan cacaang

Hawa tiris nu nyacag pangharepan

Teu jadi panghalang

Kuring indit mawa hate nu ngajerit

Mawa raga nu tunggara

Sakeclak cimata

Nu ngalembereh

Saengap napas dina dada

Mangrupa kecap nu eweuh sora

Nu moal pernah kedal

Sanajan gunung runtuh atawa lautan bedah

Lalaunan kuring ngalengkah

Teu ngareret da inggis teu wasa

Ninggalkeun kolot nu ges bela

Rada jauh kuring ngarandeg

Ras kana ucap nu jadi bapak

Basa kuring nyuuh dina dampal sukuna

Rara peurih mangrupa sambara

Dina hirup hiji jalma

Kuring terus indit bari jeung teu pamit

Nyorang jalan mapai kahirupan

Hiji mangsa bakal mulang (Creatid by : Dadang Suherman)

Tak Berjudul

TALAGASARI 2009

Pikiran ngalayang ka awang awang awang

Saperti luhurna harga barang

Nu geus moal kahontal jeng kabeli

Kupangala pagawe nagri

Isuk keneh kuring geus diuk dina korsi

Sisi jandela nu saetik rada muka

Bari ngelepus udud rokok djarum

Masih keneh kadenge nongtoreng dina celi

Sora pamajikan nelepon dina hp

Nyarekan menta diberesan

Sabab teu pernah dinafkahan

Kuring ngejeten teu lemek

Ret kana loket nu geus rada lepet

Eusina lembaran duit nu jumlahna sajuta

Cukup pikeun nalak atawa bayar SPP kuliah sabulan

PIKIRAN BEUKI POEK

(Creatid by Eli)

LALAMPAHAN KKN MAHASISWA UPI

Kolusi, Koropsi, Nepotisme.

Lain…, lain eta nu dimaksud

Tapi KKN nu ieu, maksudna Kuliah Kerja Nyata

Di Desa Talagasari tempatna

Kecamatan Kawali …Kabupaten Ciamis

Ti Ciamis kuring datang

Maksud rek ngalaksanakeun KKN

Bulak-balik Ciamis-Kawali mani karasa cape

Untung aya motor nang nginjeum

Tapi angger kudu meulian bensin satiap rek indit..

Datang ka posko

Kuring mikir … naon??? Nu rek dipigawe.

Tanpa rea omong deui

Kuring ngariung jeung babaturan,

Maksud rek ngabadamikeun KKN,

Teu lila

Geus badami, loba pagawean,

Garapeun..jeung garapeun

Kacipta☻…

Waragad nu kudu dikaluarkeun

Ahh.. meureun geus kieu kuduna

Kuring pasrah

Sok sanajan hate mah rada wegah

Huh….

Tapi kuring teu kendor semanget

Bismillah hitawakkaltu

Kuring rek KKN

Kalayan rek nembongkeun citra UPI

Wayahna..jeung wayahna,

Tingkah laku, rengkak jeung pari polah kuring

Salaku Mahasiswa KKN

Kudu nembongkeun hiji jalma

Religius, educatif, jeung ilmiah

Meureun hartina mah

Kudu nyantri, nyakola,

Jeung ngarti sagala persoalan

Sok sanajan sapopoe mah jauh ti kitu.

Indit kaditu… indit kadieu

Kuring teu poho kana pakaian jas almamater KKN

Sok sanajan geus rada kusut, belel jeung bau

Da remen teuing dipapake..

Lamun sakapeung

Rek lalampahan rada teu bener,

Sok ras inget kana jas almamater

Dina dada napel

Hiji logo Universitas Pendidikan Indonesia

Anu kudu dijaga bener-bener

Bisi ragrag darajat

Di tengah masyarakat..

Teu poho kuring

Kana amanat direktur UPI Kampus Tasikmalaya

Mahasiswa KKN UPI kudu bisa ngajaga citra

Salah rengkak lembaga kabawa ruksak..

Ti poe ka poe waktu karasa nyerelek

Kuring bagilir jeung babaturan

Cicing di imah sewaan

Mani kesel

Karasa mun kabeneran euweuh pagawean

Kalayan taya batur

Waktu mani karasa lila,

Pikiran ngalayang kamana-mana

Rus-ras kana sagala rupa

Sakapeung malah sok ras inget ka lembur,

Inget ka kolot…

Haahh … dasar urang sunda

Teu weleh inget ka padumukan jeung indung.

Gap kana kibor komputer

Maksud rek ngaleungitkeun kakesel

Musik disetel, kutak-ketik,

Nya karasa aya batur

Pikiran teu sumpek teuing

Kagiatan jeung kagiatan

Ku Kuring jeung babaturan dilaksanakeun

Dimimitian ku nepungan ka aparat desa,

Slaturahmi ka unggal masjid,

Pupuhu Dusun

PKBM, PAUD, TK

Jeung nu sejenna.

Karasa cape kaditu kadieu

Unggal poe indit-inditan,

Tapi dalah dikumaha

Ngarana ge tugas

Sok sanajan aya

Nu ngan ukur

Pindah sare jeung dahar.

Tapi kuring ngarasa resep

Nempo kaayaan alam

Nu sakitu endahna

Pagunungan,

Sawah,

Nu ngaplak satungtung deuleu.

Mantak…

Nyegerkeun hate

Nu pinuh rasa kasumpek

Ngabengraskeun mata

Nu pinuh rasa kapoek

Nyaangkeun pikiran

Nu pinuh rasa kamelang

Mapag harepan

Nu macet di tengah jalan

Ngahontal cita-cita

Nu masih katunda

Tidinya

Kuring sadar

Lalampahan masih panjang

Loba pagawean nu kudu di sorang

Pikeun ngaraih kasuksesan

Dunya rawuh Aherat

Wallahu ‘alam

(Creatid byKokoyi)

HAK CIPTA DILINDUNGI UNDANG-UNDANG®

Hirup lain saukur lamunan

Nu bisa disawang

Bari udud jeung ngopi dina korsi

Moal bisa direka

Sanajan di pulas ku bedak jeung kembang tujuh rupa

Hideung jeung bodas

Dua warna nu geus pasti

Ngagurat natrat dina jero hate

Sanajan kabungkus

Kuwaruga nu dipake kasombongan

Dipake bangga waktu ngeunteung dina kaca

Warna bodas

Mangrupa hiji kias

Tujuan hirup sabenerna

Sanajan sok pudar

Sok beulel ku kekebul dosa

Kadang kadang jadi hideung lantaran katalanjuran

Jarang dikumbah

Ku cai iman

Interes

Matematika  3

Kawali,   13   Juli   2009

Rabu, 22 Juli 2009

Mahasiswa


MATEMATIKA 3

SELAMAT DATANG DI BLOG INTEREST MATEMATIKA 3 UPI KAMPUS TASIKMALAYA